
Ngaran sayah Abah Maman. Alamat jalan pajajaran. Lantaran sayah aya maksad hajat, da bakal nanggap wayang sagala. Sayah kapaksa ngala nangka ka Majalaya. Tangkalna ngajajar dalapan pas bantaran jalan sasak. Sayah mawa karanjang, jang ngala nangka badag jaba arasak. Barang datang ka Majalaya, Sayah gagancangan ngalacat kana tangkal nangka pangbadagna. Sayah cacalawakan, sabab aya rangrang na calana ngarayap kana palangkangan. Lantaran sayah ajrag-ajragan, nya ragrag ka handap, nangkarak na sawah saat. Sayah rada sangsara, kakarayapan na sawah saat aya kana dalapan jamna, jaba lapar. Dasar jalma aya kahayang, kalah sangsara! Lantaran aya kabar ragrag, tatangga, sarta baraya-baraya marapay....

Ceu Eti jeung Ceu Kokom keur parea-rea omong, ngagulkeun anjing piaraannana sewang-sewangan. Duanana paembung-embung eleh. Komo Ceu Kokom mah meuni keukeuh pisan, yen Si Rino, anjing nu dipikabogana leuwih pinter tibatan anjing Ceu Eti Si Blekih. "Anjing urang mah, tiap isuk nungguan tukang loper koran di hareupeun imah. Pas koran dibaledogkeun ku si emang loper, anjing urang langsung luncat ngagegel eta koran. Tuluy Si Rino asup ka imah mawa eta koran ka sim kuring," ceuk Kokom sabari gumeulis. "Muhun, abdi oge apal," Ceu Eti nembalan. "Ti mana maneh nyaho Eti?" Ceu Kokom semu reuwas. "Pan Si Blekih ngadongeng ka sayah!" ceuk Eti sabari ngaleos...