
Legenda sangkuriang Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis. Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar DayanG Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu...